Monday, November 06, 2006

Raos ku rasana, Bungah ku ayana...

Para Kanca sadayana...

Teu hilap abdi ngucapkeun Wilujeng Sukses ka Warung Bandung Ngumbara (EBN) nu parantos mudalkeun edisi perdana dina dinten Minggu kaping 5 sasih Nopember 2006.

WBN janten pembuktosan tina ide-ide sareng pamikiran kreatip ti para bobotohna, nu manawi sanes kirang padamelan, da...teu pira atuh kararasep jeung gareulis tur parinter deuih... Mung, WBN mah parantos janten simbol kreatip tina wanoja-wanoja nu nuju ngumbara di Balikpapan, boh maneh na urang jakarta, urang sunda, atanapi urang jawa...da sami wae atuh pami tos di pangumbaraan mah...

Kaleresan abdi teh rumaos urang sunda, teras aya oge rasa kasono, tur rasa kaheman, sareng aya rasa kadeudeuh ka tuangeun sareng ka kaayaan di Bandung, ku kituna WBN teh, sakedik na mah, tiasa nyiptakeun kaayaan bumi parahyangan di Balikpapan. Nu kedah di sebatkeun mah nyaeta: Raos ku rasana, Bungah ku ayana...

Hatur nuhun ka sadayana nu parantos janten bobotoh Warung Bandung Ngumbara, Kang Billy, Mas Tejo, Kulawargi Riyanto, Neng May, Neng Fery, Neng Putri, Neng Gita, Kang James, sareng sajabina nu teu tiasa disebatkeun.

Bilih aya cariosan nu nyinggung rasa atanapi hate, abdi nyuhunkeun di hampura sadaya daya...

Nopember 6, 2006
Kang James